Geter Katompérnakeun (Ramadan 7)
“KU naon sumping téh leuir?” Sora anjeun teugeug. Ngajeduk ka tungtung angen. Enya. Rumasa. Harita haté teu gancang-gancang ngarampa. Padahal apan saban tepung gé anjeun téh ngarérét déét ku kelét. Anéh. Ieu batin teu ieuh léah méréan. Imut anjeun anu meueut teu teusing jadi pangirut. Lelembutan kalah teuas ngabeletrak. Sabab pikir taun-taun kabaruang. Katalimbeng ku mamanis sarénghapan.
Poé ieu, Geulis, kuring lilir. Lelembutan gigisik sabada gulinggasahan. Gilig seja nalék anjeun. Najan layung geus aya luhureun gunung. Susuganan aya kénéh sésa rasa nu ku anjeun diselapkeun. Keur kuring. “Nampi kénéh?” Sora méh teu kadéngé. Awor jeung séahna rasa. Jempé. Ukur embut biwir anjeun, kumeleter. Héhérang mata nganaha-naha. Haté kalah asa diwewejét. Jajantung beuki rapluk. Boa panto beuki rékép.
Lila temen anjeun balem. Paroman beureum tambaga. Kongkolak patinggaréndang. Lir cihujan saclak-clakkeun. “Ku naon bet nyapirakeun? Sumping ‘na wanci lekasan?” Sora anjeun dumareuda. Panon beueus. Kuring ukur nahan rénghap. Haté rangsak. Kahanjakal ngabubulak.* (21 Ramadan 1435/17 Juli 2014)
Nana Sukmana - kisuta.com


