Sajatining Asih
"SAJATINING asih, Mang, ngancikna ukur sakali saumur hirup," ceuk anjeun. Harita. Basa nepungan nu kasakitukalina. Di tempat nu geus maranti. Meneran poé paléntin. “Rék ngawani-wani wakca,” gerentes haté. “Susuganan bisa pataréma rasa.” Dina kantong, coklat jeung kembang. Beunang ngahaja mesen. Warna bodas. Warna karesep anjeun. Majar téh, "Beresih. Suci. Bijil tina sanubari." Kawas sasari. Anjeun ngabuih. Ngadongéngkeun manéhna, nu cenah teu waé méré putusan. Saban waktu dibaturan, saban mangsa dianjangan. Saban dipénta kacindekan, ngabetem. Lir nu ngahaja ngaganggayong. “Bongan asih geus meulit dina ieu haté, Mang,” ceuk anjeun. Dina kayakinan nu tigin. Teu ngarasa diulincaikeun. “Henteu, Mang. Manéhna lalagasan kénéh,” ceuk anjeun, miceun kahariwang. “Seug enya manéhna geus kurenan mah, Mang, kuring rék bunuhdiri.” Keukeuh yakin kana asih nu geus ngancik. “Lebah dinya mah urang teu sapamadegan, Mbi,” gumerentes. Lalaunan, nu ngeyembeng dina panon, ngalémbéréh kana pipi. Tuluy ngeclak kana tetengger. “Naha teu ngidinan kuring jadi bapa si utun, Mbi?”*
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


