Subuh di Pilemburan
KABIASAAN Jang Méhod, ngadéngé adzan subuh sok ngadon murungkut. Kudu baé diguyah-guyah ku Nyi Inot, pamajikanana, nu sok geus nyaring ti janari kénéh. Nyusuan orok.
Tapi anggur sok ngadon beuki ngabuged. Nahan hawa tiris subuh di pilemburan. Kaburu wé komat. Mimindengna Jang Méhod, salat subuh téh, geus mangsa carangcang tihang. Kitu gé tara gesat-gesut. Kurah-koréh heula kana pabétékan dapur. Néangan huapkeuneun.
Subuh harita, Nyi Inot cengkat. Laka-leké. Kutang ngaléklék. Ma’lum karék anggeus nyusuan orok nu ngagenyol ti tatadi. Hég ngaguyahkeun deui salakina. Biasa nitah hudang. Nitah gancang salat.
Nyah Jang Méhod beunta. Kukuliatan. Pék céngkat lalaunan. Ngarangkul Nyi Inot. Bari ngaharéwos semu haroshos :
“Bbbuudd...daak geus lésot nyusuna geuning...Jjjjeung éta kutang can dikancingkeun geuning.”*
Usep Romli Abdul Hamid – kisuta.com


