Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ngalungsar ‘na Congo Simpé (Ramadan 8)

Minggu, 27 Juli 2014

“WILUJENG kantun…” Haréwos anjeun menodan tineung. Lalakon nu sajorélat ngaweuhan na langit batin. Lir gurat-gurat koas mulas amparan kanvas. Héjo saulas. Kayas koléas. Hideung kontras jeung bodas. Lalaunan panangan leupas. Aya nu ngagerel jeroeun jajantung nu mimiti pias. Anjeun nu tepung dina mangsa layung ngempur bet matak ngahelas.
“Leres ieu téh badé ayeuna baé? Apan tepang téh nembé kamari?” Kuring mencrong raray anjeun nu sumirat. Panon lup-lep neuleuman sagara ‘na jeroeun dada anjeun. Sumalasar ‘na dasarna. Sugan aya dumeling tresna nu ngahaja disésakeun dina sela-sela héman. “Leres, badé ayeuna baé? Naha teu tiasa sawengi deui? Apan carita urang teu acan parat?” Kuring ngarenghik. Tapi anjeun ukur malédog ku teuteup. Tingbelewer. Tingbeletak kana bilik lelembutan. Cur-cer jadi getih. Tuluy ngagaribleg jadi hanjelu. Sésa tatu nu can lita taun itu, nyanyautan ngakut nanah.
“Wilujeng kantun…,” ceuk anjeun méh teu kadéngé. Teuteup anjeun teuteup luas. Baluas nyiksikan peurih. Jep. Batin kacéot simpé.*

Nana Sukmana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya