Sawangan
TUJUH taun. Umurna. Geus meujeuhna sakola. Geus kasawang, unggal isuk manéhna hudang. Mandi sorangan. Tuluy saged. Disaragam. Mumuluk sangray sangu jeung goréng endog. “Pa, Enday mios”, pokna. Solongkrong. Celengok nyium leungeun. Geus kasawang. Ngusap sirahna bari ngaharéwoskeun paménta ka Nu Kawasa. Neneda sangkan manéhna jadi budak soléh. Jadi budak pinter. Geus kasawang. Manéhna namprak ka pamajikan. Ménta jatah jajan. Tuluy indit dianteur ku gupay kareueus.
Geus kasawang. Mulang ti sakola, manéhna ngadongéng. Capétang. Reueus pédah dipuji ku guruna. Reueus pédah kapeto jadi KM. Geus kasawang. Pamajikan cumalimba. Ngabandungan nu bacéo dina lahunan abahna. “Enday mah hoyong janten dokter, Pa” Geus kasawang. Manéhna suhud diajar. Satékah polah ngahontal cita-citana.
“Kedah saénggalna dicandak ka rumahsakit, Pa. Tuang putra téh kangker. Tos setadium ahir” ceuk juragan dokter. Jeung pamajikan silih pelong. Silih sawang. Teuing naon nu kasawang.*
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


