Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Di Panjangna Peuting

Sabtu, 2 Agustus 2014

NEUTEUP deui lalangit. Langit-na kénéh. Langit langgong. Pangangonan panon. Gap deui kana harigu. Haneut! Aya kénéh, bebenah siga nu betah. Ber, aya nu hiber. Teup, geleber deui. Tuluy leungit. Poé-poé jeung kasimpé, ngawangun minggu, bulan. Nepi ka teu kabilang taun. Laun-laun ruruntuk tingkulutrak. Aruluk salam! "Asalammualaikum!" Tah! Geus séah deui. Caah! Caah déngdéng! Tihang saung, hateup baseuh, hinis jeung harupat pasoléngkrah, hiji-hiji pamuntangan nungtut nyoloyong sorangan.*

Arom Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya