Piwuruk Aki Jenat
“ENTONG mikiran heula nu kararitu, geus kawin gé sabataé. Rék ngadua kali dalah rék ngaopatkalian gé moal dicegeranan,” saur Aki Jenat harita. Ki Lanceuk nu diwurukan anteb ngaregepkeun. Uing mah jongjon ngasur-ngasur suluh ngaruhaykeun hawu. Haneut siduru isuk téh.
“Ngan...” Teu kebat, Aki Jenat kabéngbat nyatrok gula kawung. Regot ngaregot ci entéh haneut. “Peupeujeuh ulah ngadua. Arang langka nu ngadua bisa ngawangun rumah tangga nu runtut raut,” saurna. Komo nilu mah, kasebutna nungku. Salah sahiji sok jadi paneumbleuhan. Jadi bibit buit pacogrégan.
“Jangkepkeun opat, Jalu!” Aki Jenat daria pisan. Pamajikan téh kudu boga batur silipakumaha. Kawas nini hidep. Nini kahiji pan layeutna téh jeung nini katilu, nini kadua atuh deukeutna téh jeung nini kaopat. “Maranéhna alakur da boga batur. Aki mah kari sila ipis.”
Geus 33 taun piwuruk Aki Jenat ka Ki Lanceuk téh. Asa ngajelengéng deui kana ceuli. Paingan indung Si Cikal jeung indung Si Bungsu saumur-umur teu akur. Duh Aki, iraha atuh uing bisa ngajangkepan.*
Abu Ainun - kisuta.com


