Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Bucat Bisul

Selasa, 5 Agustus 2014

JEDUD. Karasa pisan lebah dieu yeuh. Panas. Tingsaredot. Parat kana embun-embunan. Digaro lain garoeun. Diusap lain usapeun. “Mangga, raraoskeun!” ceuk sora. Gélo téh kalah mupuas. Lain kadua ngubaran. Haduh, ieu hulu aing asa bejad.
Gubra, meubeutkeun manéh kana balé-balé. Cekés. Nyot. Peledug. Puah! Palal. Habek, dibeubeutkeun. Dileyek. Dikekesek. Kerewek kana cangkir. Cikopi takeran anu maranti. Suruput. Peuheur. Létah ngelél. Belewer dibalangkeun satakerna. “Montong meupeus keuyang ka aing, goblog!” cangkir kokowowongan. Teu didéngé. Léos ka hareup. Bray, muka panto. Jekuk, malati nonjok hulu angen. Bangkieung. Héok bau bangké. Rét ka langit. Béntang-béntang ngajarébian. Anjing! Teu antaparah. Jebrod, hulu ditonjok satakerna. Beledag, didagorkeun kana tihang. Leng. Cika-cika ngaburudul saabrulan. “Da moal damang ku kitu!” ceuk sora deui. Anjing, montong ngabacot waé, siah!
Ter, hapé ngageter. Rét. “Néng sayang Akang. Hapunten nembé SMS.” Burial nanah ngaburial. Bijil jeung mata-matana. Plong, ngemplong. Selengseng seungit malati. Di langit béntang arimut. Taman haté mayakpak saparat jagat.*

Nana Sukmana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya