Sastra & Humor
Fikmin
Kakarén Lebaran
Rabu, 6 Agustus 2014
KUKURILINGAN di lembur néangan barudak yatim jeung tatangga nu mariskin, lebeng teu manggih. Asa ku anéh. Karék nyadar yén pangeusi lembur kabéhanana barudak ngora. Anyaran pangantén salelembur. Rét ka kénca jeung katuhueun imah warisan kolot, pangantén wungkul. Éra jeung kabita jadina, asa hayang kawin deui. Ngahuleng salila-lila dina golodog.
"Lamlikum..!" aya sora nu ngagebah. Embung ngajawabna gé, maenya salam kotka disingket kitu. Barang dirérét saha nu datang, gebeg! Aya jalma nyampeurkeun tapi euweuh sirahan. Rada asa-asa nampanan dampal leungeun nu ngajak sasalaman téh. "Anéh, nya?! Nya uing pisan hasil puasa anjeun nu sabulan kamari," pokna.*
Irman N Dimyatié - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


