Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Poé Cinta

Jumat, 8 Agustus 2014

LÉNGKAHNA semu nu digusur. Matak hambur kana dampal sapatu Big Boss-na. Buukna luis, ambeuna seungit Tancho. Kaméja krém kerah Shanghai, sieup reujeung pantalon khaki sémi baggy. Lebah Niu Che Shui, ngahaja nyimpang heula ka tukang kembang. Sabeungkeut eros pamageuh deudeuh, keur manéhna, pikirna. Bari Kacipta bungahna.
Ngahaja datang poé Salasa. Meneran jeung datangna poé cinta. Geus dicirian ti anggalna, dina kalénder nu ngan hiji-hijina. Hayang nostalgia cara harita. Sugan manéhna keur aya. Gap kana dada, "Geuning kuring téh boga kénéh rasa. Teu pisan suda." Gerentesna.
Laju deui leumpang, dibarengan ku haté nu bungangang. Seja mungkas carita nu can tutas, baheula. Geus kacipta, manéhna bakal suka.
Beuki deukeut ka nu dipuja. Ngelemeng dina ciciptan, manéhna nganggo chéongsam beureum euceuy, rambutna diuntun dua. Mapagkeun bari ngahariring, "Yue liang dai biao wo de xin...." Nyeplés Teresa Teng.
Ujug-ujug kagareuwahkeun ku sora nu ngagorowok, "Akong...! Balik ceuk Mama, tong ulin ka imah kosong waé!"*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya