Halodo Munggaran
"TUNGGUAN akang di mumunggang anu itu. Tempat urang pasini!" Salira ngaléngkeun panangan na taktak. Kuring rambisak.
"Tong nangis Nung! Naha cimata bakal bisa ngabagjakeun urang pami akang teu jadi angkat? Akang indit jang hirup urang kahareup. Akang nyaah ka salira. Lain ngan saukur omongan. Tapi rék dibuktikeun ku tanggungjawab!" Inghak nyésakeun eurih-euriheun.
Ceuk anjeun harita, cinta keur urang lain ngan saukur ucapan, tapi rasa asih mangrupa wangunan. Dohir jeung bathinna. Nu kudu diwangun, dieusian, diropéa jeung dipupusti. Kuring unggeuk. Surti. Nyakséni. Widi. Pasini nganti.
Satia ieu ukur keur salira. Saperti halodo nu mentrang-mentring. Matapoé tigin ngentrakkeun héabna.
Sataun kalangkung. Hujan geus meruhkeun panas entrak-entrakan. Tapi kuring anteng nunggu anjeun mulang. Dua taun teu galideur.
"Jigana Akang moal mulang Nung!" Sora anjeun na telepon.
"Naha? Teu sono ka abdi?"
"Hapunten...!" Ukur sakitu. Hampang. Dareuda.*
Teh Ning - kisuta.com


