Gatotkaca ka Gaza
NAGRI Amarta sumedeng tingtrim. Gatotkaca wungkul ngabaheuhay dina korsi goyang, dibaturan ingkang garwa Déwi Pergiwa. Gap. Kana rémot TV. Bray. Berita Gaza. Bréh. Layon nyayeud. Gatotkaca gogodeg. Témbong dina juru panonna aya nu nyangkrung. Tipepereket ngeupeul-ngeupeul peureupna. Laju ngagerem. Handaruan. Imah inggeung. “Edaaan!” pokna. Bari cengkat. Pergiwa ngarénjag. “Aya naon, Kakang...?” ceuk Pergiwa. “Lain antepeun, ieu mah Nyai!” pokna, deui. Laju ngojéngkang ngarawél badong nu ngagantung dina témbok. Rap dipaké. Makuta dibulen ku sorban. Pergiwa melengek. Hareugeueun. Laju muru pakarangan. Bari nyangkéh nu geulis. Rada merod. Kabeneran langit lénglang. “Geulis..., wayahna dikantun heula nya,” pokna. Bari celengok nyium. Pergiwa meureudeuy, pinuh kamelang. Gatotokaca nenjrag bumi. “Amit, Nyai...!” belesat. Ka jomantara. Rét ka handap. Gugupay. Pergiwa tanggah. Teu reureuh mireungeuh nu kumalayang. Mubus méga malang. “Kakaaang! Ai lapyu...!” Pergiwa ngajorowok. Bari lewa-lewé. Semu peura.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


