Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nu Tunggu Randu Kurung

Senin, 11 Agustus 2014

DINA hiji peuting, pareng halodo, kuring diuk dina batu. Ngalangeu di mumunggang gunung nu teu jauh ti lembur. Angin peuting ngahiliwir nebak dangdaunan. Tingkérésék. Matak betah. Ningali ka beulah kulon, kota Bandung semu kewung. Lampuna barakbak tingkaretip. Éndahna kabina-bina. Rét ka beulah kalér, kingkilaban tingburinyay. Barang rét ka beulah kidul. Lebah randu kurung aya nu ngajungkiring. Kuring ngagebeg. Disidik-sidik. Jurungkunung nu ngajungkiring usik. Jleg! Awakna jangkung badag. Panonna molotot. Huntu ranggéténg. Dina leungeun kéncana nyekel bokor. Manéhna nyampeurkeun, bari ngasong-ngasong bokor. Kuring gideug. Awak ramohpoy. Késang morolok. "Bodo." Pokna. Sorana semu ngagerem. Kuring ngawani-wani nanya, "naon eusina?" Manéhna ngabéjakeun. Aya rasa kabita, aya sieun, tapi inggis aya mamalana. Kuring nanya, "naon saratna?" Manéhna seuri ngahaha bari ngagesek-gesekeun leungeunna kana awakna. "Teu sudi teuing," cekéng téh. Teu kanyahoan. Jekuk. Awak kuring ditalapung. Gulutuk ka lebak. Waktu kuring gugulutukan, karérét manéhna asup kana tangkal randu anu dikuriling batu.*

Eni Setiani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya