Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Si Lindeuk Japati

Senin, 11 Agustus 2014

KURING katelah Si Lindeuk Japati. Artis moyan. Lain moé awak bari disiaran unggal isuk. Ieu mah manggung unggal peuting. Biduan panglarisna. Teu siga Nonok, nu diménéjeran salakina. Nyanyi bari ngaréngkénék. Pipina digaléntor ku nu kumisna baplang bari susu dirawélan. Tonggoy wé. Nu penting disawér, cenah. Kuring mah henteu. Tara terus paduduaan. Nyamuni di enggon. Ti bar ka bar lian. Ti panggung ka panggung séjén. Tinu kariaan nepi ka hajat partéy. Teu saeutik budak pangagung nu nitah eureun nyanyi. Ngajak ka balé nyungcung. Kitu ogé gegedén jeung pangusaha siap mulangkeun nu kolot, asal kuring wani sérah bongkokan. Pupuhu partéy geus néken kuitansi, ngaduitan alphard. Keur kuring pajar téh. Ditampik. Sabab kuring mah lain biduan rucah. Nu padudulur jeung ungkluk. Kuring ngahaleuang éstu nepikeun pupujian keur Manten-Na. Émprona ngéngklak. Éta mah ngéngklakan jaman. Ngigelan mangsa. Teuing kunaon. Unggal ngahaleuang jeung ngéngklak, asa keur dilalajoan ku anjing, babi, monyét atawa maung.*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya