Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Haréwos Ti Lebah Panto

Selasa, 12 Agustus 2014

KEKETROK kalah nyeri buku curuk. Pupuntenan kalah peura. Taya nu némbal. Awak nahnay. Gék, luhureun batu handapeun léngkéng nu ngarandakah. Pentilna meuhpeuy. Keun, alaeun lamun geus manték. Rét ka wétan, gunung luhur ngabadega. Bangun anu cacarita. "Manéh kudu kawas aing. Sing pengkuh, gedé wawanén. Tong jejerih. Aprak dunya," pokna. Rét ka kalér, sawah ngampar dibeulah ku walungan tingarileu. Ngagenyas hérang caina. "Tuturkeun aing. Geura sungsi huripna hirup. Beresihkeun haté. Tong luhlah mun aya runtah. Pan bakal palid jeung budah, bakal kapangpéngkeun di muhara. Moal nepi ka sagara." Harus pisan. Saharus séah curugna. Rénghap, lageday, nyarandé kana tangkal. Kadéngé sada anu ngaharéwos. Halon naker tapi béntés. "Kudu daék ngotéktak. Tengetan aing. Hirup kudu timu jeung galeuhna. Pesék kulitna sing moloko. Piwanoh urat dagingna. Tong rumahuh mangsa ngadék. Ulah eureun mun can timu.” Leng ngahuléng. “Hayu ka lebet. Urang sungsi sasarengan.” Koréjat. Rét. Imut leleb lebah panto. Awak hurung. Tanaga ngadadak bedas.*

Nana Sukmana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya