Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Udagan

Rabu, 13 Agustus 2014

TI isuk jedur, naker tanaga. Nyusud-nyusud tapak udagan, nu lunta nyiar pangeunteupan. Lulumpatan. Luluncatan. Babalicetan. Mingkin tarik. Teu kaberik. “Keur ngaréngkénék di Kalér!” ceuk béja, basa ngahaja nyusul ka kidul. “Geus lila mondok moék di Kulon!” ceuk urang Wétan. Gancang ditéang. Sagok-gokeun amprok, ngabelenyeng mantén. Udagan ngabecir deui. Haben aber-aberan. Abur-aburan. Meuntasan pirang kalang jeung rohang mangsa.
Panonpoé pépédéngkréng. Luut-léét, késang salaput hulu. Teu matak peunggas harepan. Hégak satia marengan. Pirang jalan geus disorang. Jalan badag. Jalan leutik. Nu lempeng. Nu pungkal-péngkol. Nanjak-mudun. Tepi ka sasak rawayan, geus dipeuntasan. “Sugan kudu ngabaladah jalan anyar kitu?” ceuk haté. Gebeg. Udagan bet ngaréaan. Beunang hiji, pecenghul tilu. Beunang deui, ronghéap leuwih réa. Badis patalimaraga. Udagan pasuliwer dina saban urat kawerat. Dina kamalir getih. Dina ketug jajantung. Dina kongkolak otak. Udagan nyaksrak. Saawak-awak.
Poé reup-reupan, umur muguran. Hégak ngerepan, réngkak ngendoran. Udagan masih kénéh garagalacangan. Karakalayangan. Ngérab-ngérab pangbibita. Ngebut-ngebut pangjejeléh. Luhureun paésan simpé.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya