Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Pa Saran

Kamis, 14 Agustus 2014

DEDEGANNA basajan. Remen tepang jeung anjeunna di masjid caket tempat wudhu. Ukur unggeuk jeung imut wé mun pareng pasarandog teu kahaja téh. Pa Saran arang takol. Tapi ku kituna gé, bet asa digelendut sapeuting jeput. Dihariringan rupaning pépéling. Matak rus-ras. Rumasa kalakuan sok katambias.
“Badé abdas Cép? Saha émang nu pupus?” Pa Saran nanya kuring nu rék ngilu nyalatkeun.
“Réréncangan nu tos wales pisan udurna Pa!”
“Ehm mungguhing nasib nya Cép, teu nu séhat sumawona nu nuju udur?”
“Muhun Pa émang rusiahNa téa apanan. Di mana, iraha jeung kuma cara mulangna.”
“Sumuhun yaktos pisan. Dupi Encép badé iraha ngersakeun?” Gebeg. Basa curulung cai padasan karasa leuwih nyelecep batan biasana. Dumadakan sagalana bararaal.*

Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya