Nyi Ijah Narah Diajak ka Mekah
MANG Komod keur guntreng jeung Nyi Ijah. Mang Komod rék ngajak Nyi Ijah ka Mekah, tapi Nyi Ijah keukeuh teu daék milu. Bah Samin, bapana Nyi Ijah milu mangkeuheulkeun lantaran Nyi Ijah teu daék nurut kana pangajak salaki.
" Sakalieun salaki rék ngajak bener manéh mumul milu, naon alesanna Ijah!" Bah Samin semu ambek." Ah alim wé Bah..." Nyi Ijah keukeuh embung. Puguh wé Bah Samin jadi tambah ambek, béak bersih Ijah dipapatahan, dipokpokeun, diésék-ésékeun. Geus ngarasa cukup diésék-ésékeun, ceuli geus asa panas jeung rawing, pok Nyi Ijah ngomong..."Mangga wé atuh Abah nu ngiring ka Kang Komod téh, ari kersa mah diajak leumpang nepikeun ka Mekah....!"
"Naon, baruk rék diajak leumpang nya, paingan manéh mumul atuh. Dasar minantu orowodol..."
Mang Komod ukur nyenghél di juru bari mulir-mulir kumis carangna..." hé hé hé..."*
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


