Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Salaksa Simpé

Jumat, 15 Agustus 2014

TI mimiti purnama nengah-nengah langit, nepika aya balébat di tungtung pangwétanna. Manéhna numpuk-numpuk pasir. Malah nyusun gunung ka lebah luhur. Mun nepi kana lawang langit ka hiji, sok keketrok, tuluy ngagalindengkeun hariring pangnyeuitna. Lila-lila, nurih dadana. Jajantung nu dipinuhan ku simpé, diécagkeun. Diteundeun di juru langit pangtiisna.
"Rék sabaraha loba deui simpé nu rék diapilainkeun ku anjeun. Apan sarwaning katresna, bet ditundung tina ringkangna?" ceuk hiji wujud nu dibulen ku caangna tujuh pirang- pirang warna.
Euweuh jawaban. Manéhna ngadon mulang. Tuluy ngagali dasaring sagara. Hayang ngécagkeun simpé anu séjénna.
Poé ka poé. Nyungsi saban diménsi. Ngarakrak unggal jempé jeroning haté.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya