Semar Gugat
KAWANTU nu diondangna dalang kasohor. Ti soré kénéh jelema tingaraleut. Beuki peuting mingkin noyék. Réwuan panon mencrong ka panggung. Mencrong masing-masing nu dipikaresepna. Aya nu resep ka sinden, ka nayaga, ka dalang jeung wayangna. Basa Ki Dalang medar lalakon. Némbongkeun kamonésanana dina rigig réngkak wayang. Angot waktu si Cépot ngabojég mah. Nu lalajo mingkin pogot. Basa dalang rék sandu-sanduk! Beungeutna dumadakan sepa. Kokotéténgan, uyap-ayap néangan Semar. Nayaga geumpeur. Catrik nu purah ngasongkeun wayang ngaheruk. Barang keur kitu. Jleng. Aya nu luncat ka tengah-tengah nu lalajo.”Hahaha...! Silaing néangan Déwék Lang...?!” Pokna. Dalang kagét, laju nangtung hareupeun gebog. Luk, tungkul. “Déwék geus teu hayang diigelkeun ku manéh euy! Déwék bosen ditokohkeun jadi ra’yat, ti mangsa-ka mangsa ukur jadi kékéséd! Silaing mah ngeunah..., bérés mangung, angkaribung! Déwék mah diasupkeun deui kana kotak. Kagencét!” Pokna. Tatag naker. Jep jempling. Dalang ngaraga meneng. Nayaga jeung nu lalajo olohok mata simeuteun.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


