Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ras ka Caprés

Minggu, 17 Agustus 2014

BARUDAK anteng arulin di buruan. Teu lila aya nu ngahinghing ceurik. Hing saurang deui. Dituturkeun ku nu séjénna.Tungtungna aya opatan nu ngahinghing ceurik. Ngadingdiut kanyenyerian.
Sihoréng parebut cocoan. Budak nu hiji parigel jeung pinter ngarebut jeung mertahankeun nu direbutna. Nepi ka budak nu opatan ukur bisa tingharoak keuheul bari nyusutan cimata sarta biwir jebléh. Dada eueuriheun:
“Ti baréto dewek hayang éta cocoan! Kari-kari ku silaing ayeuna direbut!”
Bet watir ngadéngé sora eta ceurik. Pikiran kumalayang ka mangsa budak. Mangsa sok parebut cocoan atawa kadaharan kawas kitu. Ari ayeuna bet ras ka para caprés. Moal boa maranehna ogé léwéh jebléh ngadingdiut. Asa karebut cocoan ku caprés anyar nu cenah meunang pangbagéa jeung diarep-arep ku balarea. Malum maranéhna geus tatahar ngincer ti béh ditu mula. Dibelaan teu nalipak diri sorangan.*

Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya