Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ayun Ambing

Senin, 18 Agustus 2014

LUUT-LÉÉT késang. Panon culang-cileung. Keketeyepan malipir sisi gedong sigrong nu ngajajar peuntaseun jalan. Ti unggal jandéla, manéhna pakupis néwakan. Pak-pik-pek. Linghas. Ukur katéwak sababaraha ésé. Paroman bungah. Ras, ka dua anakna nu ceurik unggal peuting. Rusuh ngasupkeun kana koja. “Cukup keur peuting ieu mah…” gerentesna.
“Bangsaaat…!” Sora tarik ti tungtung kidul. Sénter tingsalebrot. Gajleng, meuntas jalan ka kulonkeun. Nu ngudag leungiteun tapak.
Bulan kawas nu ajrih ka bapa maling. Nutupan cahyana ku méga.
Nu leumpang kapireng humégak. Teunangan mapay-mapay sampalan. Poékna peuting ngalegleg jirimna. Ti kajauhan, sora kohkol nihtir nganteurkeun nu mulang.
“Alhamdulillaah, salamet.” Ngomong sorangan, marengan léngkahna abus ka imah. Cempor kakalicesan. Katiup angin tina sesela bilik kohok. Dua anakna patunjang-tunjang luhur palupuh. Kapireng careurik halon. Marojéngja. Lir manggih katugenah dina pangimpian.
“Deudeuh teuing, Anakiiing…! Hampura Bapa.” Pokna, bari leungeunna ngusiwel tina koja. Laju ngahuapan dua anakna ku impian-impian. Nyéh, anakna ararimut. Sora bueuk jeung ungkut-ungkut satia ngaayun ambing.*

Rudi Alfajri - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya