Buta Térong
HIRUP di leuweung geledegan. Lubak-libuk sagala nyampak. Bageur. Teu pikasieuneun. Nyaah ka balaréa pangeusi leuweung. Ngan pangedulan. Gawéna éstuning hardolin. Kadaharan ukur tina tutuwuhan. Teu beuki sabangsaning lauk atawa daging. Vegetarian asli.
Ku kedul-kedulna manéhna indit ka pilemburan néwak jelema sajodo. Purah babantu ngawulaan. Najan tadina sieun tapi pungkasna éta nu sajodo teu burung manggih pangabetah. Nu awéwé purah masak ari lalakina nu balangsiar bahan. Olahan éta bujang kapaké pisan ku si buta.
Taun ganti windu maju ka dasa warsa. Awak buta tambah morontod. Hiji poé si buta dahar kacida ponyona sabab pasakan rasana béda ti biasa.
"Naon samarana kadaharan poé ieu?" tanya si buta. Panasaran. Keukeuh ngaguliksek teu sugema ku jawaban tukang masak. Antukna balaka bari ngarasa dosa, "Punten juragan buta, tadi téh waktos nuju saksak-siksik curuk abdi kakeureut. Getih sareng tungtung curuk lebet kana angeun iwung. Sadaya-daya abdi rumaos lepat."
Teu mangkuk sataun ti harita pangeusi lembur béak dihakan buta. Teu kaop dimimitian tuluy katalanjuran. Sarakah.*
Entjep Sunardhi - kisuta.com


