Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Pésta

Selasa, 19 Agustus 2014

PANGGUNG nu hurung jeung haté nu humarurung. Adumanis dina reup brayna lampu disko na lalangit ténda. Nu anteng ngagitar, simaan. Sakali-kali neuteup kana lautan jalma nu noyék hayang lalajo panghareupna. Pintonan anyar Agustusan, duét kuring jeung manéhna. Ngahaleuangkeun lagu cinta.
Treup paadu teuteup, kalieus. Asa beuki karasa ngagerihan. Kapanggih sagalana. Horéng lain lalaki merdika. Aya nu bogana. Nu geus tamplok teu bisa ditawuan deui. Teu bisa. Geus kagok, ngamalir lugina mamawa asih nu juuh kana jiwana. Naha bet teu balaka? Kalahka ngantep ieu rasa sarirungan, akaran, daunan nepi ka kembangan?
Pésta Kréasi Seni Agustusan geus lekasan. Leumpang nyorangan bari mucicid katirisan. “Antosan!” Sada nu ngudag. Tel dampal leungeunna kana réma. Ngaranggeum pageuh. Paadu teuteup dina reyem-reyem cahaya lampu. “Hapunten Akang.”*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya