Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Jihad

Rabu, 20 Agustus 2014

GEUS lima taun Jang Ahmad jeung Nyi Empat rumah tanggana téh. Salaki pamajikan nu pikaresepeun. Sarua soléhna, sarua ngarti kana agamana, sarua hadéna. Lain ngan ukur hadé haté, tapi ogé hadé jeung rupana.
Hiji nu jadi ganjelan keur Jang Ahmad jeung Nyi Empat. Geus mangtaun-taun can kapercaya waé boga turunan, sanajan geus ikhtiar kaditu kadieu, lebeng, can aya hasilna.
Sok lucu ari unggal ba'da Isya, Jang Ahmad sok nyarita ka Nyi Empat, "Nyai..urang jihad yu!, maéhan Yahudi téa. Sugan wé gancang gancang boga turunan..." Nyi Empat sok ngajawab, "Ah ari Engkang, tong kapameng jihad mah, tong Yahudi wungkul atuh, urang paéhan wé sareng lampuna."
Cetrék lampu dipareuman. Nyi Empat jeung Jang Ahmad ngeureuyeuh jihad.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya