Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nyunah

Kamis, 21 Agustus 2014

TEU karasa, ngawelah téh geus méh wanci lingsir ngulon. Najan eungap, tetep ngeureuyeuh nuturkeun léokna lambak. Teu peuray. Aya kénéh rindat ni’mat. Geter héman ngamuara na getering sukma. Aya rasa guligah. Paur laas katigas mangsa. Duméh badan sakujur geus teu jejeg deui. Teu belejag.
Peuting nu simpé. Ramo nu geuneuk, balas katojo mentrangna srangéngé. Ngaragamang. Nyisiran buuk carambang. Manéhna tanggah. Teup. Paadu teuteup. Najan renyu biwirna lain nu baheula. Tapi teu ilang mamanisna. Jajantungna saketug, dina rangkulan sumerah. “Mah, punten nya..., teu tiasa lami tataluna, sarengna deui, teu tiasa ngebo jiro cara sasa...” cekéng. Teu kebat. Da kaburu ditungkup ku renyu biwirna. Laju nyusup kana dada nu ragas. Aya inghak éndah. Na tangkeupan deudeuh. Ngangkleung, ngentringan lolongkrang tineung.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya