Nu Miharep
RUMAHUH, ngécagkeun bangbaluh. Rét ka tukang. Ngabirigidig nénjo leutak sapanjang jalan. Kusiwel kana eunteung. Bréh awak lamokot pinuh ku rurujit. Goak. Gejrét, ngabantingkeun eunteung. Berengbeng lumpat sakalumpat lampét. "Uing hayang balik!" Jumerit. Ras ka Ema, Apa, Idin jeung Kang Rukman. Duh, Kang Rukman, pisakumahaeun mun nyaho uing nu geus dirurujit. Dijadikeun nyai-nyai. Nu unggal peuting kudu ngalayanan lalaki kulit babi. Heueuh, jadi simpenan menir Walanda. Nu didangdanan dialus-alus keur hancengan tuan menir. Jog ka wates pakebonan. Ti kajauhan katénjo tantara Walanda ngajega di gerbang. Uplek ngawangkong bari panonna tetep seukeut waspada. Rengkog deui. Ngalénghoy lempang. Balik deui muru gedong nu geus nalikung. Gustii... geuning uing euweuh kawani keur kabur. Geuning uing masih sieun ku paéh. Bréh, beungeut Kang Rukman némbongan. Di mana ayeuna manéhna? Kang Rukman, mun seug anjeun apal, yén uing... yén uing mikanyaah anjeun. Naha anjeun bakal datang nulungan?*
Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


