Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Karémbong

Minggu, 24 Agustus 2014

ANGIN garing ngahihiur. Nebak dada sumedeng ruhay. Paneuteup museur ka Sakem. Sripanggung imbitna ngemit birahi. Karémbong nilam kolényay harigu. Dicapit réma rampayak nu terus motah. Bajidor jigrah. Panyawér ngeprul. Handapeun cempleu. Acum nyéréngéh. Reureundeukan. Tangtungan bengkung. Bangun rék antel niba lemah. Beuki lila. Rigigna nyulusup ka tengah. Tuturut metot karémbong. Jekuk. Peureup meupeuh palipisna. “Anjing, siah! Nu burung montong asup ka kalang...!” Padangaramponan.
Ukur wasa nyérangkeun. Basa bédéng-bédéng dihuru urang lembur. Sakem. Sampulur waruga nu lana dipicangcam. Tinggal kutang jeung suja. Padangagusur. Diarak saparat jalan. Acum nyéréngéh. Laju ngagukguk. Nutur-nutur tapak kalangkang bugang. Tina sésa rénghap jeung getih salantisan. Aya nu rohaka nurih batinna.
Angin garing angger ngahiur. Ka lemah nu lawas leungiteun raratan lembur. “Stop! Ada makam!” Gorowok mandor. Basa pirang-pirang gerung ngararata rupa kota. “Ayo, angkat!” Jlung-jleng tina béko. Tina doser. Moro sapanuduh. Sanggeus sampurna kakoréh. Dua rorongkong atra wujudna. Raga bengkung ngarangkul ti luhurna. Dibeulit rangsak karémbong.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya