Angin Puyuh
KEUR mangsa budak, kalah diudag. Resep pagugulung jeung runtah nu kaapungkeun. Di kotakan sawah nu ngahgar kagaringan. Surak, éak-éakan bari silih suntrungkeun, pada hayang dina puseur ulekan.
Kiwari ganti ngaran jadi 'Puting Beliung', maké basa tatangga deukeut. Teuing puting saha duka baliung manggih ti mana, tapi matak mopohokeun ngaran pamére kolot. Pada nyingkahan, dijarauhan lantaran loba ngadatangkeun madarat. Kamari tangkal caringin kurung, iuh-iuh di Balé Watangan, rungkad. Da cenah nu ngageugeuh dina éta tangkal resep teuing rangkad-ringkid. Teu disésakeun ti récéh képéngan tepi ka bako sebul nu lila hurung tapi matak utah-uger nu nyeuseupna.
Antukna, tamiang meulit ka bitis. Da kungsi aya nu nangénan, waktu harita keur kumawasa. Majarkeun téh aing mah beresih teu kotor kawas nu lian. Katohyan sapajodogan basa aya nu setor keur leuleueur minangka parépéh. Dikerewed tanpa ampun ku jagabaya nu meunang béja ti nu istori. Geus réngkod mah taya nu haat nyaah, malah dipupuas.*
Entjep Sunardhi - kisuta.com


