Sastra & Humor
Fikmin
Sapeuting di Situ Cisanti
Senin, 25 Agustus 2014
KURING nyawang carita nu geus kalarung. Paduduan di sisi situ Cisanti, ngayunkeun tresna dina mangsa purnama. "Éndah!" ceuk anjeun bari mencrong kalangkang bulan nu oyag-ayagan dina luhureun cai. Lalaunan anjeun ngoléséd, ngadeukeutan awak kuring. Hawa nu tiris lalaunan jadi bayeungyang. Luak-lieuk inggis aya nu nangénkeun. "Kadé tempat ieu mah ulah dipaké teu uni!" ceuk kuncén ngawawadianan. Lat, poho, nu aya kalah ngagolak jeroeun dada. Hégak napas teu kaampeuh. Gujubar! Kuring jeung manéhna ngagejebur. Suka bungah. Hanjakal ngan sakotéap. Leungeun manéhna papuket, huntu nyakep tipepereket. "Kang, kumaha ieu!" ceuk manéhna. Reup langit di situ Cisanti poék mongkléng.*
Eni Setiani - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


