Palakiah Ngabasmi Hama
HAMA teu sirikna dikukut. Manjang, gara-gara teu mareng ngamimitianana. Siga usum kamari. Tatangga jauh geus dibuat. Nu sagagampar malah saminggu méméhna. Meri angonan teu kaampeuh. Aya sababaraha rombongan, mangkal kahalang dua kotakan. Sisina mah rancung tinggal tangkal. Ranggeuyanana dirawélan bari ngaliwat. Dibaékeun ku nu ngangonna.
"Amang mah nyamos, jang." Mang Aja nyarita basa tepung dina galengan. "Sésa si monyong téh moal cumpon keur buruh macul."
Ukur bisa ngaheueuhan, tapi haté mah munajat ka Nu Maha Kawasa, Ménta najan kapandeurian hasilna masing mucekil.
"Anéh. Dedegan mah asa sarua. Tapi beuneur," pokna basa gacongan Mang Aja ditimbang. Utang-itung, dua panggulan baris kabawa ku manéhna. Sarua jeung beunangna tina lahan garapanana. "Cing bagi-bagi naon palakiahna?" Daria semu panasaran.
Si cikal nu bobolokot késang némbal bari ngageberan awak ku dudukuy."Gampil atuh ua, kantun ulah hilap ngaluarkeun zakat."
Jep. Jempé sajongjonan. Mang Aja noyod bari ngagandong gacongan muru kios gemuk anjukan.*
Entjep Sunardhi - kisuta.com


