Dilamar
DUKA ti iraha kuring ngait jeung Si Akang téh. Wanoh di lapak FBS. Ngobrol téh sok nuluy kana inbok. Tembus kana és-ém-és jeung telepon. Ari pék bet asa katalian. Bener Si Akang mah lain lalaki samanéa. Siga anu heueuh wéh lalaki satia. Ka Kuring jeung ka pamajikana. Tapi kuring teu ngarasa dicoo atawa disapirakeun. Puguh asa dijelemakeun. Salah puguh gé resep ka nu geus boga pamajikan. Tapi da duriat mah teu pipilih. Éta mah éstuning fitrah Alloh. Kadieunakeun mindeng panggih. Geus teu kaitung pamahugina mah. Resep geuning ucing sumput jiga kieu téh. Soré ieu kuring dijemput di kantor. Sajajalan Si Akang teu loba cumarita. Jongjon nyetir. Sup, ka réstoran tempat biasa jangjian. Di méja nu biasa. Kasampak aya awéwé keur diuk. "May, nepangkeun ieu Tétéh!" Si Akang ngenalkeun. Tuluy sasalaman. Tamat jigana poé ieu. Kabongkar. Kuring pasrah. "Maya, kersa nya pami janten bojona Akang! Urang sasarengan ngurusanan. Tétéh rido." Daria naker.*
Rini Mayasari - kisuta.com


