Walimahan
PANCEG tabuh dalapan isuk. Panitia ngaharéwos, rombongan pangantén pameget sumping. Plong! Katugenah. Kasumpeg. Peuyar sapada harita. Rumasa kuring percayaan ka jelema téh. Basa Si Nyai ditanyaan, indung-bapa calonna teu datang. Pajar keur tugas ka nagri deungeun. Dalah dikumaha. Si Nyaina gé sakitu bogoheun pisan. Diwakilan ku dunungan jeung batur sapagawéanana, Si Nyai jeung kuring narima panglamarna. Kiwari. Cép Adén, jajaka gandang. Gagah raspati. Nyanding jeung Si Nyai nu geulis. Pantes. Di kabaya brukat bodas tulang kombinasi emas. Nyari jeung awakna nu lenjang. Payus mungkus awakna. Nurub cupu. Kuring bagja. Sabagja-bagjana. Reueus. Naib kéncaeun. “Mangga, Pa, ijab qobulna urang kawitan….” Patugas KUA ngingetan. Sor leungeun katuhu sasalaman jeung Cép Adén. Rét ka kéncaeun calon pangantén lalaki. “Naha geuning, Mimih calikna di dinya?” Nu disebut Mimih siga nu kagét. “Adén téh budak Mimih hiji-hijina,” Cenah. Ras inget ka mangsa tujuh likur taun kalarung. Kuring nyerahkeun Mimih, da teu boga budak waé…*
Deni Riaddy - kisuta.com


