Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ayun-ayunan

Jumat, 29 Agustus 2014

“YARILEUI yun ayunan... kamana mah lala jangkung yanduh mama... merlah teuin nu jangkung jamangna hideung... kakang baé citali ayunan” ngalaeu kadéngé ti burieun imah. Jaro Dainah ngarahuh nyeuseup haseup ududna jero jasa. Teu kadeuleu gélényéhna, leungit gumbirana. Sirna pelong nojo na.
Kebel-kebel, Jaro doang ilu tumpak kana wirahma lagu Ayun-ayunan, nu ditembangkeun Rasudin, kokolotan Angklung Kanékés. “Kakang baé citali ayunan...” bangus Jaro Dainah ilu ngéngklokan. Sawara Ayun-ayunan beuki kebel ngabedasan, beuki tohaga. Bangus Jaro beuki jojorowokan nyawarakeunana “Kakang baé citali ayunan...!” beuki handaruan, kadéngé ka mamana. Urang Kaduketug, Kaduketer, Balingbing, Gajéboh kabéh narembang ayun-ayunan.
“Saha nu ayun-ayunan téh Jaro?” deungdeungeun galécok. Jaro teu ngajawab. Lagu beuki tarik. Kadéngé ka dayeuh, ka Rangkas, ka Pandéglang, ka Sérang, ka Batawi. Samalah tepi ka Jepang. Lagu Angklung nu tilok dikawihkeun di luareun Mandala Kanékés, kamari kadéngé di nagri deungeun. “Tah déngé ku daria... wiwitan aya nu ngagunasika, kunu nyaho kana urang.” beuh buyut ayun-ayunan.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya