Hiji Beurang di Mumunggang
SOR, duwegan kalapa héjo. Gula kawung meunang ngurud ‘na kararas. Regot diinum. Caina karasa meueut. Kawas imut anjeun. Nyaksrak kana saban ringkel urat. Nyieuhkeun sésa halabhab. Sabada saparat beurang ngawelah lemah. “Kadé ulah capé teuing, apan hanca pajengeun sakitu upluk-aplakna.” Sora anjeun, lirih. Tungtung karémbong ngusap késang dina tarang kuring. Seungit pucuk entéh. Sakilat ramo anjeun diranggeum. Diantelkeun kana pipi. “Keusrak, nya, Kang? Tos séép ku sasanggaleun.” Héhérang soca seuseukeut panah. Niruk mamaras. Kuring gideug bari imut. Keur Akang mah salempay sutra, Geulis. Ramo gawé, ramo rancagé, ramo nu angger mépéndé.
Di landeuh, walungan patingarileu. Caina palid ka hilir. Tuturubun lebah curug, antaré ‘na lebah leuwi. Tapi tara kadéngé rumahuh sanajan kudu ngaluncatan batu, nyorang sédong. Kawas anjeun. Tara ngangluh sanajan nyorang tanjakan. Tara humandeuar mangsa nyosoh heucak. Bangbaluh teu weléh dibungkus imut. Padahal Akang hoyong nguping renghik anjeun. “Ngangluh moal mecatkeun huut tina gabahna, Kang.” Reup peureum. Dunya mabra.*
Nana Sukmana - kisuta.com


