Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Mang Juha Leungiteun Bagja

Senin, 1 September 2014

AYA ku bagja ari Mang Juha. Panggih jeung sobat nu geus pangkat jéndral. Tuluy ngajeujeuhkeun manéhna, nepika hirup jadi sagala boga. Bari teu ieuh manéhna sok barang pénta.
Teu pira gawéna mah ukur sasapédahan, jadi tukang nganteurkeun barang titipan keur batur-baturna Pa Jéndral. Mang Juha mah, éstu jalma jujur, pageuh nyepeng amanah. Ngan pédah uteukna kuled.
Mang Juha jeung Pa Jéndral téh batur sakola SR, baréto. Sobat dalit. Harita, basa keur budak, Mang Juha kacida bélana ka Pa Jéndral. Ras ka dinya, timbul rasa mulang tarima Pa Jéndral ka Mang Juha.
Geus ampir sabulan Mang Juha, leungiteun bagja. Teu pancén tugas nganteuran deui, ti saprak manéhna kudu mondok di Hotél Prodéo. Mang Juha, ukur bisa ngahurun balung, bingung kunaon sabab manéhna bisa aya di dinya. Nu sidik mah, Mang Juha, teu kungsi nyaho, naon barang titipan nu kudu dianteurkeun ku manéhna.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya