Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Suhadma Nyeri Huntu

Selasa, 2 September 2014

GEUS opat poé, pipi Suhadma bareuh bukekeng. Nyeri huntu balukar nyésélkeun. Bororaah ka bisa nyapék. Seuri ogé dipahing. Pantes, jamomom bari jamotrot.
Isuk-isuk moyan sisi jalan. Lar Nini Unah ngaliwat. Nyuhun nyiru eusi dagangan. Tiung randutdut. Baju kaméja gabrig semet bujur. Ka handapna maké calana léjing. Atuh sukuna nu pacér , blég baé gagang sapu injuk.
Nénjo papatutan nini-nini kitu, Suhadma hayang ngabarakatak seuri. Poho kana kanyeri. Barang waw, langsung ngajengkang. Nyangkéré bari aduh-aduhan. Samping nyingklak. Mangkaning teu dikolor.
“Ku nanahaon, Hadma ?” Nini Unah ngalieuk héran. Hég uman-imen. Gumeulis didituna mah. ”Kari-kari aing ngaliwat, sia nangkarak...Taya kaéra, beurang-beurang kieu jeung sisi jalan deuih.” *

Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya