Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Mindah Rupa

Kamis, 4 September 2014

ASA kurang kumaha ngabakti kanu jadi salaki. Unggal usik ngaluis. Pakéan modis. Soal masak pasti ngeunah. Kamer saré éstuning rapih. Beresih. Tapi naha nu jadi salaki bet haré-haré. Asa cawerang rarasaan teh. Komo lamun diajak sapatemon aya wae alesana. Kadieunakeun mindeng balik peuting. Sakapeung janari. Ngalembur cenah. Saptu isuk-isuk beberes. Di meja balatak keretas dokumen jeung leptop. Rét, kana kantongna nu méléngé. Tuluy dibuka. Bréh, aya kosmétik jeung lingeri. Amarah ngaduruk hulu. Saha bebengokna. Kira wanci harieum beungeut, salaki indit. Aya bisnis alesana mah. Teu éléh-géléng. Dituturkeun. Sup ka hiji diskotik. Nungguan sakeudeung. Ngawani-wanikeun asup. Késang ngorolok. Awak ngadégdég. Basa ningali salaki panggeulisna diriung ku lalaki.*

Rini Mayasari - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya