Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kausap Korod

Kamis, 4 September 2014

SABAN panggih téh lebah dinya. Wanci sareupna. Halimun mimiti ngabulen kebon entéh. Geus seubeuh nyacapkeun kapanasaran. Nguniang tina rungkun. Muru warung lebah pudunan. “Kang, ayeuna mah tos teu geueuman teuing di di dieu téh!” pokna. Bari nyusut panonna sésa beueus. Teu cara sasari. Rada merod rék disangkéh téh.
Sup ka warung. Pesen cikopi. Manéhna nyolongkrong, nyokot kulub jagong, satangkeupan. Didekul bangun nu lapar kacida. Anéh. Saban dipelong, kakalieusan. Panonna dumadakan giras. Ka peutingnakeun. Jol aya sora ajag tingculaung. Nu boga warung teu lemék. Torojol aya anjing, nyanggéréng. Buntutna kupat-kapit. Berebet mubus rungkun. Rét. Gebeg. Manéhna geus nyampak euweuh. Teu kanyahoan ngerelesna. “ Ena mah, da Si Nai nu nyok ninieu,” ceuk nu boga warung. Sorana ngirung. Les...
Koréjat. Bréh. Horéng aya di lamping! Témbong aya Si Ustad jeung tatangga, tingalasruk. Pamajikan nginghak gigireun. Digeroan nepi kapeura. Bet haré-haré. Nu tingalasruk rek marulang, ngaliwat ka hareupeun. Keukeuh. Taya nu ngawaro. Hing...*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya