Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Haruuuh..!

Jumat, 5 September 2014

BÉRÉS tahajud. Golédag saré deui. Ngimpi panggih jeung Bung Karno. "Hidep téh budak soléh. Teu pantes hirup sangsara . Isuk, jugjug kebon awi di tungtung lembur. Aya dapuran awi konéng. Tah, di dinya milik anjeun!" Bérés méré amanat. Les ngaleungit.
Tabuh tujuh isuk-isuk geus tatan-tatan. Kencling indit ngajugjug tempat panuduhan. Enya wé aya dapuran awi konéng nu rada mencil. Teu loba mikir. Dapuran awi téh dibabad, laju dipacul akarna. Goréhél aya peti ukuran saméter pasagi. Bray dibuka. Barasat. Cahya konéng gilang-gumilang. Emas 24 karat! Peti dipanggul dibawa ka imah.
Geunjleung. Uing jadi jalma jegud. Pasipatan robah. Kumawasa. Umaing.
Unggal poé ngurilingan lembur. Aya nu dagang céndol. Ditalapung. Pas manéhna rék ambek. Dibabuk ku duit 50 juta. Jempé. Tukang Rujak. Tukang Béca. Tukang naon waé nu kapanggih ditalapungan. Kabéh jarempé barang dibabuk ku duit 50 juta mah.
Isukna. Barang muka panto. Hareupeun imah ngajajar jalma-jalma. Patingcorowok. “Juragan! Talapung abdi!”*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya