Dina Hiji Poé
KAWAS sasari. Rurusuhan balik gawé. Angkaribung balanja keur sapopoé. Reg, eureun di toko kuéh meuli susu jeung roti karesepna. Gura-giru balik. Kacipta panon nu ngagenclang hérang. Si kasép nu karék tilu taun. Pasti ayeuna keur nungguan. Asa bagja, inget ka si kasép, ranggah ngabagéakeun. Kira dua puluh meter deui tepi ka lawang panto, "Mamaaaah..!" Lung balanjaan. Lumpat sataker kebek. Panto hareup dikonci. "Ampuuunnn...!" Kadéngé deui. Berengbeng muru panto tukang. Panto diteumbrag. Nyampak budak keur roroésan. Leungeunna pakupis nyingkahan paneunggeul. Sukuna pépéréngkélan nahan kanyeri. Ngagaleng beureum tapak paneunggeul. Cikiih nguyumbang lebah dinya, balas nahan kasieun jeung kanyeri. Sedengkeun manehna ngajega bari ngamang-ngamang paneunggeul. Bruk, awak nutupan budak. Beledug-beledug karasa kana tonggong. "Anjiiiing...! Sia atawa aing nu paéh!"*
Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


