Sewang-sewangan
HIRUP kadar ngageuleuyeung, Alice. Nyoékan lambaran almenak, ti poé ka poé. Taya kacapé. Nunggu lamunan, karah cangkeul nungguan: Teu jol baé. “Atos atuh tong noongan nu kitu patut. Bilih mastaka janten aduy,” saur salira, ngajéwang buku tina lahunan. Dibebeskeun kana korsi nu nuju dicalikan, ditindihan imbit tenggéng. Aya ku bagja eta buku! Di béh kidul, ombak nyiriwik. Ngoyagkeun parahu nu geus lila tara dipaké. “Tos lami tara ka Seremban, asa wangsul ka Bukittinggi,” salira nyaur deui, syal nu muntang dina tenggek oyag katebak angin, seseg pinareup ngagurilap. Isuk-isuk karah élékésékéng. Na teu wareg sapeupeuting, paduduaan? Ngagolérkeun lungsé dina lengkobna?
“Yaktos, hirup téh dipageran ku kaweruh séwang-séwangan, nya? Sakapeung sesah silih asupan, silih awuran. Pakeukeuh-keukeuh,” salira nyaur deui, bari ngabetrikeun roko kana asbak. Serebung, haseup ngelun tina lambey nu amucuy. Kutan éta nu tadi peuting panasna matak ruhay saawak-awak? Ngoprotkeun késang ka satungkebing ranjang? Di béh ditu, kapinis rabeng. Teuing kamarana.*
Maman Gantra - kisuta.com


