Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Cita-cita Abdi

Senin, 8 September 2014

WANGSUL ti sakola, ucul-ucul acuk. Teras digentos ku acuk paragi ameng. Bari calik na lawang panto, buku lapor nu dibagikeun tadi ku Pa Guru, dibukaan deui. "Nuhun, Gusti! Abdi réngking kahiji deui." Bungah pacampur sedih. Ngantosan Ema sareng Apa tos dua taun teu mulih-mulih. Duka iraha badé mulih. Duka di mana ayeuna dumukna. Padahal abdi tos sono ka aranjeunna. Abdi ayeuna tos kelas opat.
Buku lapor ditangkeup. Sup, kana kantong. Teras disimpen caket seragam. Teras abdi mios ka terminal, ngamén sajam atanapi dua jam. Asal tos kenging kanggé mésér sangu sareng nyéngcéléngan sarébu rupia sadinten. Bada Asar abdi wangsul, teras ibak. Tos ibak, abdi mios ka madrasah Al-ikhlas badé diajar ngaos, sanaos teu aya Al-Qur'an nu hurup Braille abdi keyeng hoyong janten Qori'ah.*

Eni Setiani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya