Ngimpi Euy Ngimpi
PEUTING ieu BBM naék, nu meuli bénsin ngantri di SPBU. “Jang samotoreun mah teu beurat teuing, ngeusian paling ukur dua léter. Nu matak ripuh mah, sakabéh beubeulian hargana naraék, Ang.” Ceuk Kunti Anak ka Jin Kafir nu sarua keur ngantri bénsin. “Sapuluh létereun, Neng.” Ceuk Drakula ka Onom, pagawé SPBU , nu laju ngeusian bénsin beureum siga getih kana tengki motor. Ningali nu mareuli bénsin ririwa wungkul, kuring mangprung mawa motor, néangan Pom séjén. Teu karasa geus tepi ka Dago, ti Dago méngkol ka kénca bras ka Jalan Malioboro, ti dinya mengkol ka katuhu ka Bunderan HI di jalan Thamrin, laju ka Hollywood. Kuring kakara sadar yén motor téh eweuh gilindingan. Motor ujug-ujug ngapung, kuring geus aya di awang-awang. Teu lila motorna ngajirim jadi éntog. Kuring yakin ieu ngimpi. “Téangan awéwé bahénol ayeuna kénéh, tog. Cuang perkosa, meungpeung keur ngimpi,” nyarita ka éntog. Jangélék éntogna jadi Dewi Persik.*
Yusef Muldiyana - kisuta.com


