Nu Ngagurat ‘na Kikisik
UNGGAL poé layar monitor dibuka. Méh unggal menit dipencrong. Sugan aya haréwos anjeun, Nay. Sora nu bisa ngajemplingkeun peuting. Sora nu bisa ngajemplangkeun beurang. Tapi, jajantung kalah rumahuh. Nu datang iwal kalangkang, sakolébat témbong gelor. Pireu, tapi sok rajeun ngaléléwaan. Saban carangcang tihang, uing gé sok ngalangeu dina jandéla. Ngarep-ngarep talatah anjeun. Sugan dipihapékeun ka angin. Lebeng. Haté kalah comrék. Uing teu sanggup, nananggeuy rosana rasa. Nu dikeput ku balébat. Uing geus bosen kikieuan, Nay. Indung mah sok kalahka ngalimba.
Nyangkurah kénéh dina kongkolak mata, Nay, basa urang silih rahrahan kémba dina amparan kikisik. Anjeun ngagurat ku indung suku. Nulis ngaran uing. Tapi, sabot anjeun langah, tulisan gancang diidek. Da kawas film India, Nay. Kaleuleuwihi. Harita, anjeun ngaheruk. Aya angkeub dina héhérang panon anjeun. Tuluy ngeclak kana luhureun keusik basisir. Ayeuna uing karék ngarti, horéng éta téh gurat pamungkas. Poé ieu, uing ngagurat deui. Nulis ngaran urang. Dina tetengger anjeun.*
Nana Sukmana - kisuta.com


