Ngadu Bincurang
"SÉP, hayu!" Karérét limaan tuluy caringogo handapeun tangkal jambu. Ngadagoan. Teu ngengkékeun, turun ti imah nyampeurkeun nu ngariung bari dikongkoyang sarung.
"Usép manéh biasa jadi bék. Kiper mah Idéd. Baé loba gaya batan kabisa ogé, da taya deui nu daék." Imam minangka kaptén méré intruksi. Jung narangtung tuluy indit muru imah Idéd.
Geus lengkep. Tujuhan muru kaum da bedug asar geus kapireng. Bubar berjamaah langsung ka alun-alun. Urang Loji geus aya. Teuing di mana sarolatna, di imahna meureun.
Gawang ditandaan ku batu kénca katuhu. Tilu lengkah, cukup. Sarung jeung kopéah wadahulu ditumpuk tukangeun kiper.
Der maénbal dimimitian. Taya lépri. Tapi tarapti. Nu curang ukur disemprit ku kecap prikik, aut atawa hén. Pasti nurut. Marebutkeun bal karét saukuran jeruk bali. Sportip.
"Untung teu dienol ogé," idéd nyieun piandel pédah manéhna kaasupan tilu gul ari musuh mawa hiji. Kurulung sora kohkol pananda deukeut ka sareupna mungkas nu ngadu bincurang.*
Entjep Sunardhi - kisuta.com


