Cita-cita Drakula
REUP poék, nguniang hudang. Ngajénggélék jadi mahluk istiméwa. Lalaki sajati. Gagah. Matak kagendam para wanoja tukang liar peuting, nu siap jadi korban cinta sakedapan.
Tapi maju ka ray fajar gumebyar, kudu gancang balik ka panonoban. Salin jinis jadi mayit garung. Ngaringkuk dina peti mati.
Antukna, hiji waktu, Drakula ngajukeun petisi ka komandanna. Hayang boga wewenang nyeuseup getih saendeng-endeng. Beurang peuting. Sabab beuki loba wanoja nu maké pakéan andolékak. Babari nyedotna ti mana-mana. Lain tina beuheung jeung dada wungkul.
“Urang coba ajukeun ka panglima.”
Harita kénéh komandan ngabelesat. Nyebrut ka luhur. Nurih langit, narabas méga. Ngajugjug patempatan para syétan ngariung ngadédéngékeun rusiah alam gaib nu kadang-kadang bocor tina atmosfir.
"Teu ditarima kahayang anjeunna téh, lantaran pabéntar jeung kudrot. Kajaba mun daék robah wujud. Henteu jadi lalaki ganteng perlénté deui," komandan nepikeun kaputusan rapat panglima.
“Jadi naon atuh?” Drakula nanya panasaran.
“Jadi Softéx”.*
Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


