Reffrain di Péngkolan
PÉNGKOLAN ieu saksi langgeng manéhna pasini, sanajan sakapeung sok cangcaya kana diri. Manéhna teu weleh méré imut kareueut mun pareng ieu haté keur marudah. Sabot ngadagoan beus anu teu jol waé manéhna metot leungeun kuring bari neuteup pinuh kaasih. Tuluy ngajak diuk dina saung pangiuhan sisi kuta. Sirah manéhna nyangsaya dina dada kuring, diusap deudeuh, diseuseup, aya ku seungit buukna."Kang leres nyaah ka abdi?“ Kuring unggeuk. Dangah, pel biwir haneutna ngageterkeun lelembutan. “Jakarta! Jakarta! “ Kondéktur ngagorowok. Manéhna giak cengkat mangnyetopkeun. Reg beus eureun, kalacat kuring naék, gupayna leungit ka jauhna. Di jero beus aya nu ngised méré keur diuk, tasna dilahun. Aya imut nu séjén sarua kareueutna.”Kang nembé istri téh saha, wargi?” pokna neuteup timburu.” Oh réréncangan, kaleresan wé pendak didinya.” Beus ngadius ka Jakarta. Arransemen katresna asa moal anggeus. Partiturna tinggaleun di pengkolan.*
Iwan Hanjuang - kisuta.com


