Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nu Lieur

Minggu, 14 September 2014

"RÉK maké kondom moal ? Aya dua yeuh, hiji séwang."
"Meunang timana ?"
"Paméré..."
"Warna naon?"
"Nu biasa, polos transparan."
"Kandel teu? Embung nu kandel mah ah! Asa ngabadagan."
"Nya biasa wé, kabéh gé apanan sarua ipis."
"Euweuh nu warna séjén?"
"Aya, tapi urut déwék. Weuteuh kénéh da. Erék?"
"Najis teuing kudu maké urut manéh mah!"
"Ih, urut gé da bersih atuh, meunang ngumbah."
"Embung ah! Cik, nu weuteuh wéh."
"Padahal kamari, keur dicobaan ku déwék, pamajikan énté
nempo. Kabitaeun. Keukeuh dipénta."
"Hah? Tuluy?"
"Nya teu dibikeun, da pikir téh keur naon atuh pamajikan
énté mamaké kondom, heueuh?"
"Enya, puguh awéwé, jaba teu boga hapé."
"Lalieur nya?"
"Saha? Urang? Enya!"*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya