Isuk-isuk di New York City
"WILUJENG énjing, jungjunan. Kopi susu low fat, sareng cruller sapotong." Baku, Kaptén Haddock, wayah kieu geus ngurunyung. Untung teu bari noél bujur, dasar aki-aki cunihin. Témbong si kalem, Arnold, keur anteng mencrong iklan baris dina New York Times, bari nyanghareupan sacangkir kopi hideung katut jélly caké. Pamuda gedé harepan. Lebah lawang, Julio, supir toronton ngajorowok, "Gong Li, séxy! Mana macaroon uing? Burukeun!" Hispanik teu sabaran. Wanci nu geus maneuh pikeun, Marni. Rét ka lalaki di béh juru, nu ti tadi keur jamotrot. Lalaki konéas irung ékék. Marni laju nyampeurkeun. "Kumaha, ditarima moal?" Lalaki konéas meredih. "Enya, asal kudu bisa nyeuseuh, ngumbah wadah, jeung masak!" Témbal Marni. "Hiji deui, nyambel sing ledok!" bari ngaléos. Sabenerna mah haténa lééh. Isuk-isuk di New York City, dina angseu Fluffy Donut Coffee House. Hawar-hawar kapireng sora halimpu, Sinatra, tina radio. "New York, New York. I want to wake up in the city, that never sleeps..."*
Budi Mugia Raspati - kisuta.com


